
Cerita cinta masa penjajahan…
Dengan nuansa daerah Parahyangan yang berbeda, penyajian dengan bahasa daerah… diharapkan menjadi satu terobosan di dunia literasi kita. 💜🙏
Ada yang kurang paham, tanya aja.
EUIS
😉
Taun 1944....
Kuring nitenan paroman eta lalaki. Asa pernah ningali. Tapi dimana? Ku deudeuh teuing, kulitna nu lemes tur leucir teh kudu baroleksek. Geus aya sapoe manehna teu sadar.
"Is, eta budak cina timana? Tisasab meureun nya?" Abah nepak tonggong kuring.
"Panginten. Hawatos nya Bah?"
"Enya ari karunyana mah. Siga tantara Heiho Nippon nya?" ceuk Abah bari ngeuhkeuy seuri.
"Sidikan siga si ko Ahong, Abah. Aeh enya, Is...jig ka teun ko Ahong. Sugan bogaeun ubar jang budak ieu. Karunya, can eling-eling ningan..." Ambu nyingsatkeun tiungna, terus diciputkeun.
"Muhun, Mbu. Euis mangkat heula nya?"
"Kade dijalan, Is. Baturan atuh ku Sugema," ceuk Ambu.
"Wios Mbu, pira ka teun ko Ahong."
"Ehh, bisi aya tentara nippon. Diculik geura," Abah nambahan.
Deregdeg we kuring nyampeurkeun Sugema nu keur niupan hawu.
"Kang, anteur ka imah ko Ahong." ceuk kuring.
"Aya naon? Bangun nu rariweuh..." tembalna teh
"Ihh, akang mah sok tatanya heula. Hayu," cekeng teh bari rada ngagusur Sugema kaluar ti dapur.
"Euh, ieu mah nanaon teh pok torolong. Sabar atuh Is!" Sugema menerkeun sarungna nu nyampai dina tak-takna.
Teu lila, kuring jeung Sugema nepi ka imah ko Ahong.
"Babah mah keur ka pasar heula. Aya naon kitu, Is?" Ci Memey diuk nyanghareupan.
"Saur Abah bade nyungkeun tulung Ci, bade nyungkeun obat. Nuhun-nuhun Koko kersa ka rorompok," cekeng teh.
Ari Ci Memey teh rada judes, tapi sabenerna mah bageur. Kumaha urangna we ketang.
"Dun! Mawa cai, ieu aya tamu. Sok tara geksor taeun teh, kawas nu teu apal wae adat si Babah." Ci Memey rada ngagorowok.
"Muhun Neng, kapameng nembe teh. Apan nuju ngawulaan Chenchen." ceuk Mang Adun, kacung Ko Ahong nu dipercaya pisan.
"Titah bi Enung atuh, Dun."
"Muhun,"
"Wios, Ci. Teu kedah ngarepotkeun," kuring netelakeun.
"Keun bae. Cai-cai mah aya. Lumayan atuh ti tonggoh kadieu, jauh." tembal Ci Memey.
Teu sawatara lila, Ko Ahong datang bari riba ku babawaan.
"Har, geuning aya tamu. Biasana si Abah nu kadieu. Aya naon?"
Ko Ahong gek diuk gigireun Ci Memey, bari ngipasan awakna ku keupat, hareudang meureun. Enya da meni panas kieu atuh.
"Upami nuju nyalse, manawi koko teu kaabotan dipiwarang ka rorompok. Um, bade dipiwarang ngalandongan."
"Baruk? Saha nu gering? Abah? Ambu?"
"Sanes, Ko. Duka atuh ieu teh, pokona mah koko dipiwarang kaditu saur Abah."
Ko Ahong unggeuk.
"Nya atuh, ke rada pasosore atuh nya? Sapedahna keur dipake Aceng,"
"Muhun ko. Nuhun nya?"
"Heu-euh, engke oeh kaditu."
°
Ko Ahong ngahuleng sanggeus mariksa eta budak lalaki.
"Parna sigana teh. Naha teu dibawa ka rumah sakit, Bah?"
"Ih, ari koko...bisi piomongeun yeuh! Barina ge can tangtu ieu jalma saha, bisi mata-mata kumaha? Abah engke kababawa." torojol teh Ambu ti kamar.
"Moal atuh Bu, urang laporkeun we ka Pak Kapten. Kumaha? Oeh engke nu ngomongna," ceuk Ko Ahong, nyesep cangklongna.
"Heu-euh atuh Ko. Panglaporkeun we nya? Ari katingalina mah gegeden,"
Sabot keur aruplek ngawangkong, bangkieung teh eta lalaki hudang. Diuk bari culak-cileuk, nitenan hiji-hiji jalma nu araya didinya. Kaasup kuring.
"Eodi?" cenah.
Cing haruleng. Teu ngarti naon nu ditanyakeun ku lalaki eta teh.
"Nuguseyo?"
"Tuh nya, basana oge sarua jeung kapten Heiho." Ambu semu ngaharewos.
"Saha anjeun?" ceuk kuring.
"Anjeun tentara Heiho?"
"Heiho?" manehna ceuleumeut, bangun nu bingung.
Kuring unggeuk.
"Kapten Masaki?"
"Oh...ngarana Kapten Masaki," ceuk Abah.
"Sanes jigana mah Bah. Bisa bahasa Indonesia?"
"Indonesia?"
Kuring unggeuk.
"Sedikit,"
Nu aya dirohangan eta ngarusap dada.
"Alhamdulillahhh...."
"Siapa nama kamu?" ayeuna Ko Ahong nu nanya.
Kuring buru-buru ka dapur, nyiapkeun cai enteh haneut keur pasen. Saliwat kuring ngadenge obrolan Ko Ahong jeung lalaki eta.
Ngarana Kim Taehyung, urang Korea. Manehna katalian dulur jeung kapten Masaki cenah. Manehna jeung lanceukna, rek indit ka kota, ka Batavia. Tapi ditengah jalan panggih jeung begal. Teuing ayeuna kumaha nasib lanceukna mah.
"Is, isuk-isuk ganti perbanna. Tah ieu ubar olesna. Bah, Bu oeh balik heula. Mun aya nanaon, geroan we ka landeuh. Titah Sugema." Ko Ahong pamitan.
"Bisaeun basa urang ge ning," ceuk ko Ahong ka Abah.
"Heu-euh. Bisaan make basa hokkianana," tembal Abah.
Nu duaan saleuseurian.
"Is, tawaran dahar. Karunya bisi lapareun. Eh, jagragkeun we ketang. Ambeh sakalian si Abah jeung Sugema cenah taruang heula,"
"Muhun, Mbu."
Kuring nyiapkeun deungeuna jeung sangu nu kakarak diangkat tina langseng.
"Kang! Kang Gema!" gero kuring.
"Naon Is?"
"Baturan heula Kim Taehyung nya? Urang rek beberes heula,"
Sugema asup ka imah. Ditingali teh pacicing-cicing we. Harrr...
"Ngadon cicing atuh Kang, lain ajak ngobrol. Da bisaeun basa melayu mah, tadi ge ngobrol jeung ko Ahong make basa cina." cekeng teh, bari neundeun tuangeun dibale-bale.
"Euleuh...kutan?" Sugema unggeuk -unggeukan.
Kuring seuri. Kim Taehyung ngareret ka kuring. Manehna unggeuk bari gelenyu seuri. Paromanna teu pias teuing, teu jiga basa kuring manggihan manehna di jurang.
Leungeun katuhuna bareuh. Untung teu nepi dirogahala begal mangka ngalayang nyawa ge.
"Begal urang Cijulang jigana mah, Is." ceuk Sugema.
"Enya. Isukan Abah jeung ko Ahong rek indit laporan ka kantor kapiten. Dibaturan ku pa Kapten Adi." tembal kuring.
Ambu jeung Abah dariuk. Abah ngasongkeun kokobok ka Kim Taehyung. Bingungeun katingalina.
Abah maragakeun ramona diasupkeun kana cai kokobok.
"Bah, can tiasaeun tuang nyalira meureun. Apanan panangana ge bareuh kitu,"
"Aeh enya, nya. Pang ngahuapankeun atuh Is,"
Kuring unggeuk.
"Makan," ceuk kuring ka Kim Taehyung.
Manehna ningalikeun sendok nu masih ku kuring dicepengan. Ret ka Abah jeung Ambu nu geus balakecrakan.
Kuring ngasongkeun deui sendok hareupeun bahamna,"Makan."
Lalaunan manehna muka bahamna. Kuring seuri.
"Biar cepat sembuh, makan."
Manehna unggeuk. Ngarti meureun nya? Panonna mah teu sipit teuing, teu jiga kapiten Masaki. Sok ningali we ari keur patroli.
"Bah, kumaha mun kapiten Masaki suudzon ka urang? Disangkana ieu jalma dirogahalana ku urang-urang,"
"Ck, moal atuh Gema. Komo aya ko Ahong jeung pa Kapten. Moal sagawayah,"
"Is, wayahna nungguan pasen heula. Abah rek magrib. Gema maneh engke nyusul,"
"Muhun Bah," -kuring jeung Sugema.
Kuring masih ngahuapan Kim Taehyung.
"Namamu... Is?" cenah
"Hm? Oh, iya. Euis. Nama saya Euis,"
°
"Bubuy bulan...bubuy bulan
Sangrai bentang...
Panon poe, panon poe disasate
Unggal bulan, unggal bulan
Abdi teang...
Unggal poe, unggal poe
Oge hade...
Situ ciburuy, laukna hese dipancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Tuh itu saha nu ngalangkung
Unggal enjing...
Nyeredet hate ningali
Sorot socana..."
Gentreng kacapi Abah nambahan rasa dina unggal petikanna. Padu jeung sora kuring nu dumareuda.
Abah mah pon kitu ge, ngarti kaayaan kuring. Abah apal pisan kana karesep kuring ngahariring. Kuring lewih deukeut ka Abah tibatan ka Ambu. Kusabab kuring anak bungsu, awewe hiji-hijina, kanyaah Abah tumplek ka kuring.
Turunan seni Abah mah. Baheula cenah, aki teh sok ngumbara jeung rombongan senina mintonkeun sandiwara ka unggal kampung.
Ayeuna darah senina turun ka kuring.
Sanajan teu nepi ka panggung, tapi ari ngahaleuang mah kuring tatuna bisa. Barina ge Abah jeung Ambu teu ngidinan kuring milu ulubiung kana pipintonan teh.
Komo jaman kiwari, keur usum demo barudak PETA. Hakokai oge. Pokona mah rame. Kuring jeung Sugema hayang miluan, itung-itung milu ngebela bangsa. Tapi Ambu ngahulag-hulag wae.
~"Geus cukup Yusuf hungkul nu gugur di medan perang. Nu tepi ka ayeuna layonna teu kapanggih."
Kuring jeung Sugema teu bisa kumaha. Ambu sok kanyenyerian ari inget ka Kang Yusuf. Kang Yusuf salah sahiji komandan batalyon infantri nu kawentar kawanina.
Basa eta teh keur ngamankeun Bandung, nu rek 'dibumihangus' keun. Ngawal nu ngarungsi ka wilayah tonggoh. Aya oge nu diungsikeun ka belah kulon. Peperangan teu bisa dipirosea deui. Kajadian eta ngagugurkeun hampir satengahna prajurit jeung sabagean ti pangungsi.
Kuring sakulawarga ge milu aprak-aprakan ngungsi. Hanjakal pisan Kang Yusuf teu milu dina rombongan pangungsi. Manehna jeung prajurit ngajaga di dayeuh, jadi pager wetis, sangkan musuh ulah tepi ka apaleun tempat panyumputan pangungsi.
Kuring jeung Ambu ngahiji jeung kulawarga nu sejenna di barak pangungsian.
"Cenah mah Pa Toha nu mingpin prajurit ka Dayeuhkolot teh wa." mang Pipin tatangga kuring muka carita.
"Euleuh... Yusuf ge apan anak buahna Pa Toha. Boa kitu Yusuf milu kaditu? Kumaha atuh Bah?" Ambu carinakdak.
"Ari si Ambu, milu mah keun bae. Urang ngan bisa ngadu'akeun sing saralamet. Perjuangan teh masih panjang, Ambu. Wireh kitu ge, Yusuf titen jeung pinter budakna, Pa Toha mah resepen anggur." Abah nembalan, tadina mah rek ngabebenjokeun Ambu.
Dalah kumaha oge da ka anak, tangtu Ambu hariwang. Komo keur genting kieu mah. Kuring ngaragap hate indung. Titadi inget jeung teu weleh melang ka Kang Yusuf.
Mugia Alloh nangtayungan Kang Yusuf, amin ya Robb.
Enya, tepi ka kiwari, Kang Yusuf teu kapanggih, kumaha laratanana. Eta nu jadi pikir kolot kuring. Sanggeus kajadian Pa Toha jeung prajuritna gugur, taya pisan beja-bejana acan.
Teu karasa cipanon nyurucud deui, mun inget mangsa katukang. Inget kanu jadi lanceuk panggedena.
Kuring ngorejat, reuwas. Ujug-ujug ramo Kim Taehyung ngusap cipanon kuring.
"Nun murina... Hajima," cenah.
Ceuk pikir teh, mereun, 'tong ceurik'.
“Sedih,” ceuk Kuring nyusutan cipanon.
"Nyanyi lagi..." manehna imut.
Luk tungkul, aya era jeung sajabana dina hate kuring.
"Yepeo,"
Kuring tanggah deui. Ningali leungeunna geus teu pati bareuh. Kulit nu baroleksek jeung bared geus garing. Tinggal nu disirahna meureun.
"Gamsahamnida, Euis. Te-rima ka-sih," ceuk manehna.
Kuring unggeuk.
Ceuk Abah, isukan Kim Taehyung rek dijemput ku Kapten Masaki. Ah, dumadak ngarasa kosong. Nalangsa. Teu paruguh rarasaan.
Salila didieu, lalaki eta memang teu loba carita. Puguh we da basana oge beda ti urang-urang. Minimalna kudu bisa basa malayu. Ari manehna sok bari ngajentrekeun mun keur ngobrol jeung kuring make basa Indonesia. Jadi saeutikna kuring nyaho naon nu keur diomongkeun.
"I-isuk pu-lang," pokna teh.
Kuring seuri, lucu ngadengena.
"Ya, saya tau."
"Saya akan pu-lang ke Korea,"
Kuring unggeuk. Kim Taehyung mere cincin nu dipake ku manehna. Terus dipakekeun kana ramo jajangkung katuhu kuring.
Manehna seuri, da cincinna kagedean teuing. Kuring ngaleupaskeun kongkorong tina beuheung. Tuluy si cincin teh diasupkeun kana kongkorong, jadi gagantel.
Manehna imut deui, ngagelenyu.
"Saya pasangkan," ceukna teh.
Kuring ge teu ngarti kunaon bet nurut we waktu maneha hayang pang masangkeun kongkorong teh.
Gap, manehna ngaragap leungeun kuring. Dicepengan, tuluy dicium ramona. Kuring curinghak, langsung dikepeskeun.
"Tidak boleh," kuring gideg.
"Mianhamnida, Euis. Mian..."
°
"Terima kasih, Abah... Am-bu? Hyung..." Kim Taehyung dongko ngahormat.
Kuring titadi teu wani nyamperkeun. Asa sedih, kahayang mah lalaki eta teh teu menang indit. Komo mun inget naon nu geus dipaheutkeun dina hate kuring ku manehna.
"Saranghaeyo, Euis."
Cipanon nyakclakan.
"Is, Taehyung nanyakeun. Jig tepungan heula," ceuk Sugema.
Kuring nyusut cipanon nu masih ngalombereh dina pipi.
“Tong sedih atuh…” Sugema ngupahan.
"Euis...?"
Kuring ngan ukur tungkul. Teu wasa neuteup kanu ngajak ngomong.
"Saya pamit."
Kuring unggeuk. Nahan kaceurik.
"Saranghaeyo,"
Tuluy manehna indit jeung Kapten Masaki.
Kuring tanggah, cipanon masih nyalangkrung. Sakali ngiceup, langsung nyakclakan. Kim Taehyung sakali deui neuteup anteb ti kajauhan.
Kim Taehyung, saranghaeyo...
"Harr...Is, kunaon hidep?"
Kuring gideg,"Teu nanaon Bah. Euis mah ngan sedih hungkul,"
"Puguh, da nu manggihan, nu ngurus teh hidep Is. Ngarasa kaleungitan mah geus bakuna kitu."
Abah kawas nu ngarti rarasaan kuring.
"Poma ulah poho kana jati diri urang. Saha urang, saha manehna."
Cipanon teh kalah tambah rumbey. Panon kuring geus bintit da ceurik bae.
"Naon hartina saranghaeyo teh?" Sugema ujug-ujug geus aya gigireun. Biwirna geus rek ngomong deui ngan ku kuring buru-buru ditembal.
"Hayang dahar," cekeng teh.
"Oh... Jaga mun urang ka luar negri, mun ka lestoran teh kudu ngomong saranghaeyo atuh nya?"
Ceuleketeuk kuring seuri. Kabayang mun enya mah, Sugema datang ka lestoran bari ngomong, 'Saranghaeyo'.. Sugan dianggap jelema gelo mah.
"Tah kitu atuh, seuri, tong sedih ari ditinggalkeun ku kabogoh mulang ka lembur teh. Deudeuh teuing..."
"Kang Gema!!"
Era atuh aya Abah jeung Ambu. Disangkana nyaan deuih. Padahal mah teu kitu.
"Heuheuy deudeuh.... Ah, saranghaeyo heula..." ceukna teh bari ngaleos ka dapur.
Kuring jadi hayang seuri deui. Ras inget ka jalma eta. Naon maksudna bet manehna ngomong kitu? Enya kitu aya hate ka kuring? Tapi moal mungkin jigana mah. Jajauheun atuh. Beda nagri, beda basa, beda sagalana. Puguh beda kayakinan mah. Meureun Abah nyaksak nyarekan, Ambu bendu, kuring we menang bebendon ti Gusti Alloh. Lengkep tah!
"Is, ari ceuk hidep Subagja kumaha tah?" ujug-ujug Ambu ngedeukeutan.
"Kang Bagja?"
"Enya. Kasep, jaba manehna geus kadinesan di kantor pangawasa." tembal Ambu.
"Lain kasepna wungkul, Mbu. Akhlaqna nu penting mah. Nomer hiji!" Abah nengahan ti rohangan hareup.
"Da hormat ka urang ge lin? Eta Ceu Popon nanyakeun wae geura, Bah. Ambu teh da era." Ambu ngomekeun jandela nu acan kabuka.
"Kumaha Euis eta mah. Asal barudakna pada suka mah, teu jadi masalah." Abah nyesep bakona.
"Kumaha Is?"
Kuring gideug,"Euis tacan hoyong nikah, Bah, Ambu. Hapunten. Barina ge kang Bagja mah saluhureun urang. Euis mah sok sieun engkena,"
"Sieun naon? Tong sok shu'udzon ari ka jalma teh Is."
"Muhun Ambu. Mung da duka, hate Euis teu merean..."
Jung nangtung, ngaleos ka kamar. Kuring ngagubragkeun maneh kana kasur. Ngararasakeun kabingung nu eunteup dina rohangan hate kuring.
Pilihan Ambu ragrag ka kang Bagja. Duh Gusti. Lalaki eta bageur soteh hareupeun, duka teuing tukangeun mah. Geus loba nu ngaromongkeun. Kasep ku kasepna mah, tangtu da turunan menak atuh. Matak sok nyapirakeun kulawarga Subagja mah mun kanu teu boga teh.
Kuring ngarenghap bangun nu keuheul. Kuring tambah inget ka manehna. Kumaha kaayaanana? Naha manehna oge ingeteun ka kuring?
Kuring ngilikan gagantel tina cincin pamere manehna. Sederhana. Aya mataan enya ge leutik. Kuring imut. Ngalenyepan eusi hate, meh ngumbara ka mangsa jeung manehna. Kim Taehyung....
°
"EUIS! Is, kadieu geura!" Sugema ngagorowok ti tepas.
"Naon atuh nya? Sidik urang teh keur beberes di cai." kuring nempas bari ngagidig nyampeurkeun nu ngagorowok tea.
"Aya naon kang?"
"I-itu...aya Kim Taehyung," Sugema nunjuk ka lalaki nu keur leumpang kadieukeun.
Aya naon nya? Cenah rek ka Batavia. Aeh, apanan lanceukna can kapanggih.. Boa rek--
"Euis?" cenah, bari unggeuk.
Kuring unggeuk semu era. Teu era kumaha, kuring keur bobolokot kieu?
"Is, hm...kakakku sudah ketemu. Dia baik-baik saja,"
Kuring unggeuk deui,"Syukur alhamdulillah, Taehyung."
"Jadi ke Batavia?"
Dumadak paromanna bangun nu sedih.
"Ikut ya ke Batavia?" ajakna.
Kuring neuteup manehna. Naon maksudna ngajak kuring ka Batavia?
Kuring gideug.
"Waeyo, Euis?"
"Tidak bisa, Taehyung."
"Ikutlah denganku ke Korea,"
Kuring teu ngarti. Boh milu ka Batavia atawa ka Korea, tepi ka iraha ge moal diidinan ku Abah jeung Ambu. Meureun kuring geus dianggap murtad.
Keur kitu teh, torojol we Ko Aceng jeung teuing saha baturna.
"Tae,"
"Hyung? Igeo na yeojachingu,"
Lalaki nu sabeungeut jeung Taehyung, ngilikan jeung rut-ret ka Sugema jeung kaayaan imah.
"Is, ieu lanceukna Taehyung. Kim Seokjin. Manehna nyarita ka Babah, yen rek ngajak kawin cenah." ceuk Ko Aceng.
"Hah? Saha nu ngajak kawin Ko?!" Sugema nulak cangkeng.
"Ke heula kang. Akang mah sok ribut tiheula." kuring ngajewang leungeunna.
Sugema ngalieuk, paromanna netelakeun yen manehna ngarti maksud jalma nu daratang ke imah.
"Is, Abah jeung Ambu keur marangkat. Bejakeun we, engke kadieu deui. Ko, pangnerangkeun kumaha adat jeung kabiasaan urang dieu. Barina ge, si Euis rek dijodokeun jeung Subagja." ceuk Sugema.
"Kang!"
"Uing satuju jeung pamikiran Ambu, Is."
Ko Aceng ngabetem. Manehna ngarasa serba salah.
"Ka Abah we bejakeun, Babah hayang ngobrol kituh nya?"
Taehyung ceuleumeut. Sanajan kitu manehan ngarti kaayaan nu dumadak teu ngareunah. Sajeroning kitu, dikersakeun Abah jeung Ambu norojol karek balik.
"Assalamu'alaikum... Aeh, Ceng. Ningan aya tamu?"
Ambu mah langsung ngaleos ke pangkeng. Abah nyinghareupan tatamu nu dariuk dina bale-bale.
"Aya naon, Ceng?" tanya Abah.
"Eung...anu Bah, ieu lanceukna Kim Taehyung, ngarana Kim Seokjin. Em...maksudna teh rek narosan Bah." Aceng jiga nu serba salah.
Kim Seokjin unggeuk hormat ka Abah.
"Nanyaan kumaha? Ke...ke, maksudna nanyaan Euis?"
Aceng unggeuk. Ret Abah ngareret ka kuring. Cangklongna ditunda. Rumasa aya nu beda, ngadadak kuring ngesang.
"Babah aya diimah, Ceng?"
"Aya Bah,"
"Nya enggeus we, urang ka ditu. Is, tong waka ubral-obrol jeung Ambu, nya? Hayu, Gema."
"Muhun, Bah."
Taehyung ngalieuk, ningali ka kuring. Sorotna, paromana semu pias. Kuring unggeuk.
"Jangan kuatir," ceuk kuring.
Dua jalma eta unggeuk ka kuring. Kuring nyarande dina panto, bari ningalikeun tonggong lalaki nu maheut dina hate. Teuing kumaha bet kuring bisa boga rasa ka manehna. Ku jalaran waktu nu kasorang ku kuring jeung manehna. Padahal mah teu lila, ngan sabulan kurang. Barina teu salayeut jiga nu geus loma.
"Is, aya naon urang Cina eta teh?" Ambu nyampeurkeun kuring.
"Korea, Ambu."
"Enyalah, naon cenah?" Ambu nilik-nilik ka kuring.
"Teu aya nanaon."
Kuring indit ka kamar. Ngahaja, ambeh Ambu teu loba cumarita jeung tatanya deui.
Kadenge aya nu uluk salam ti luar. Kadengena Ambu bangun nu bungah kadatangan tamu eta. Saha nya?
"Euis! Aya tamu, pangnyieunkeun cai kaditu. Jeung opieunana, aya ranginang jeung saroja dina lomari." Ambu nyingkabkeun hordeng kamar kuring.
"Muhun, Mbu."
Teu lila kuring mawa naon nu dititah ku Ambu ka hareup. Kang Bagja? Rek nanahaon kadieu?
"Baturan heula, Ambu rek ka dapur." ceuk Ambu bari leos ka dapur.
Kapaksa kuring diuk maturan Kang Bagja.
"Kumaha damang, Is?" tanyana.
Kuring unggeuk,"Alhamdulillah, Kang."
Manehna seuri imut,"Kieu Is, akang tos nyarios ke Ambu, yen pageto aya pedaran kasenian di kagubernuran. Akang hoyong ngajak Euis, manawi kersa ngarencangan."
"Tapi Abah tacan terangeun, Kang."
"Engke Ambu nu bebeja ka Abah mah," kurunyung Ambu bari mawa sisig.
"Kagubernuran teh pan tebih, Ambu." kuring nyoba nolak.
"Teu kedah hariwang, Ambu. Sim kuring nyandak mobil da,"
"Baruk? Cep Bagja teh tos kagungan mobil? Euleuh...Alhamdulillah,"
Kang Bagja seuri bari unggeuk. Ya Alloh, Ambuuu...
"Tuh, Is. Cep Bagja mah geus boga mobil," harewos Ambu.
"Hapunten, Ambu, Kang Bagja. Ampun paralun abdi taya niat nguciwakeun. Abdi surti naon maksad Kang Bagja. Sateuacan langkung tebih, abdi danget ieu tacan aya maksad kanggo rarabi. Hapunten sakali deui, Kang."
Kang Bagja ngahuleng. Ari Ambu neuteup seukeut ka kuring. Kuring apal, Ambu pastina ambek.
"Is!"
"Teu sawios, Ambu. Sim kuring pamit. Assalamu'alaikum..."
"Cep, hapunten nya. Engke ku Ambu urang cariosan," hulagna teh.
Kang Bagja teu malire deui. Jung nangtung terus kaluar. Balik.
Ambu nyanghareupan kuring.
"Ari hidep rek neangan nu kumaha deui, Is?! Kurang naon Cep Bagja teh? Kasep, anak jalma nonoman, panggede, gawena geus pasti. Naon deui?!" Ambu semu nu ngagorowok.
Kuring meureumkeun maneh. Ambu teu mirosea ka kuring nu keur nginghak ceurik balilihan.
"Saha lalakina, Euis?! Saha? Boa-boa jelema eta, si Taehyung tea?! Enya?!"
"Ambu..."
"Tepi ka iraha ge, Ambu moal ngidinan, moal nyaluyuan, teu rido hidep jeung manehna. Inget!"
Astagfirullohal azhimmi...
°
TI saprak harita, Ambu teu mirosea kuring. Teu lemek, teu nyarek. Lain embung ngabagjakeun nu jadi kolot, tapi mun seug naon nu jadi pilihan teh kitu patut kalakuan jeung naon nu dipiharep ku Ambu, kuring ngarasa eta teh teu bener.
Enya, Kang Subagja turunan menak, aya patula-patalina jeung turunan ti Demak ongkoh. Bapana Kang Subagja, Raden Mas Sugih Karto Wilokso, perenahna jadi kapercayaan kademangan di Demak. Sedengkeun Kang Bagja teh anak pamajikan nu kadua.
Kuring gudag-gideug, asa teu ngarti ku pamikiran Ambu.
"Is, kunaon?" Sugema milu diuk dina golodog dapur, sabeulaheun kuring.
"Teu kunanaon, Kang."
Sugema tuluy neuteup kuring. Leuwih leuleuy sorana oge, meureun ngarti kaayaan hate kuring.
"Abah geus nyarita can?"
Kuring cicing. Abah teu cumarita nanaon saprak indit jeung tilu jalma nu caritana rek nanyaan kuring teh. Abah oge sarua milu teu lemek teu nyarek.
Duh Gusti, kedah kumaha sim abdi?
"Is, kadieu."
Abah nangtung deukeut pago goah. Kuring nyampeurkeun.
"Abah rek ka landeuh, nepungan Ko Ahong. Hidep geus sawawa, boga pamikiran sorangan." ceuk Abah bari ngalengkah asup ka jero imah.
Kuring nuturkeun, masih jempe, masih balueng, masih teu ngarti naon nu rek dicaritakeun ku Abah.
"Kim Taehyung, memang budakna bangeur, hormat kanu jadi kolot, pangpangna mah nyaah ka hidep, Is. Tapi, lain eta wungkul nu jadi hiji-hijina sarat ngadegkeun sunah rosul teh. Hidep tangtu ngarti agama, piwuruk ti kyai Sindanglaya.. Urang tong nepika ebat ku gurilapna dunya, nu singhoreng teh malah nyuntrungkeun urang ka naraka. Mun seug eta budak rido jadi mualaf, Abah tangtu nyatujuan."
Kuring nu titadi tungkul ngadangeuak tanggah. Neuteup Abah.
"Abah..."
"Tapi jigana eta budak lain pijodoeun hidep, Euis." Abah ngerenghap, sorana humandeuar.
"Neda dihapunten Euis, Abah. Euis rumaos, tapi Euis teu wasa ngawilah-wilah rasa nu eunteup dina hate Euis. Sanaos Taehyung sareng Euis papendak nembe sakedap, teu layeut kawas nu sanes, Euis ngaraoskeun kanyaah Taehyung, Bah." segruk kuring ceurik dina pangkuan Abah.
"Moal mungkin, Is."
"Subagja..--"
"Bah, Euis alim dipihukum ku kang Bagja." kuring gideug.
"Euis... Sing soleh anaking,"
"Euis teu bogoh,"
"Bah, tong sagala teuing diturut kahayang budak urang teh yeuh. Urang geus kaleungitan ku Yusuf. Naha ayeuna kudu kasorang ku Euis?" Ambu norojol ti pangkeng.
"Ceuk Ambu mah naon salahna milih Cep Bagja? Kahirupan urang pasti kacumponan, teu kudu hariwang, komo usum loba begal jeung pemberontak siga kiwari."
"Ceu Popon nanyakeun deui. Era Ambu mah,"
"Pageto, Cep Bagja jeung kolotna rek kadarieu, Bah." omongan Ambu tangtu tadi mangaruhan hate kuring.
"Bade naon? Bah, Ambu... Euis--" kuring curinghak.
"Is, geus kumaha kolot we hidep mah!" Ambu motong omongan kuring.
Kuring lumpat ka kamar, ngagubragkeun maneh kana kasur bari ceurik bangun kanyenyerian.
"Taehyung..."
°
**
"Taehyung..."
Kuring nyokot kertas jeung patlot. Kotret, kuring nulis surat keur Kim Taehyung. Isukan kuring rek nitipkeun ka Mumun, cenah dibikeun ka Ko Aceng.
.....
Rebun-rebun keneh kuring geus ngetrok imah Mumun. Peuting tadi kuring geus nitipkeun surat ka manehna basa panggih di pangajian.
"Harr Is, aya naon deui?" tanyana.
"Mun, apal kan nya tempat basa urang manggihan Kim Taehyung?"
"Nya, kunaon kitu?"
"Pokona tungguan we balesan suratna. Kuring nungguan ditempat eta. Mun, wayahna tong loba tatanya heula, engke aya mangsana kuring balaka."
"Heueuh," Mumun unggeuk.
"Omat Mun, saha wae teu menang nyahoeun masalah ieu." ceuk kuring rada ngaharewos.
"Ati-ati Is,"
Jung nangtung buru-buru kuring indit
ka tempat basa manggihan Taehyung.
Enya, kuring rek panggih jeung Taehyung.
Lumayan rada lila kuring nungguan, geus ngong adan lohor ieu teh. Tapi nu ditungguan teu embol-embol acan. Naha Mumun kapanggiheun kitu? Kuring nitenan cincin pamere Taehyung. Kuring imut.
"Euis!"
Kuring ngorejat nangtung, ningali Taehyung datang dibaturan Mumun. Tuturubun kuring nyampeurkeun maranehna.
"Tae!" kuring ngagabrug lalaki eta. Teu malire Mumun nu olohok.
"Euis, nunggu lama ya? Maaf..." ceukna teh. Ramona ngusap sirah kuring.
"Mun, demi naon oge, omat Abah, Ambu tong apaleun kuring panggih jeung Taehyung nya?"
Mumun unggeuk,"Ati-ati Is."
Sanggeus Mumun mulang, kuring ngajak Taehyung ka saung sisieun walungan. Taehyung terus nyaritakeun naon bae nu karandapan ku manehna sanggeus riungan poe eta. Yen Abah mere sarat cenah, Taehyung bisa ngawin kuring lamun manehna daek jadi mualaf.
"Saya mau, Is. Tapi kata Abah, mau dipikir dulu. Dan kemarin Aceng bilang kamu mau dijodohkan dengan Subagja."
Gap, lengeun kuring dicepengan. Terus diusap.
"Kamu setuju dijodohkan?" manehna neuteup anteub kuring.
Kuring gideug,"Tidak. Saya maunya denganmu,"
Taehyung seuri,"Saranghaeyo,"
Luk tungkul, jantung kuring geus teu normal. Manehna ngangkat gado kuring, panonna neuteup kuring. Beuki dieu beuki deukeut bengeutna jeung beungeut kuring.
"Kita me-nikah," cenah.
Chup
Biwirna nempel sampurna. Tuluy beungeutna ngajauhan. Masih imut manis. Kuring milih milu ka Batavia, rek milu ka Korea. Ninggalkeun Ambu, Abah, Kang Gema jeung lembur kuring tangtuna.
Hapunten Abah... Ambu...
Cinta,
Pernahna rasa kanyeri
Kasono makalangan
Minuhan paroman
Diseuseup ku jeroning ati
Sanubari...
Cinta,
Pernahna tara mirosea
Lir jamparing nu nanceub
Seukeut,
Duriat...nalangsa
Maksa ngariksa rasa ceuceub
Hate raheut...
°
Gura-giru Sugema nyusulan Abah, nu kabeneran keur aya di imah Ko Ahong. Napasnya bangun rek pareum bet ayeuna keneh.
"Bah! Abah! Wirang Bah, Euis..Euis-"
"Kunaon Euis?!" Abah nangtung dituturkeun Ko Ahong jeung Aceng.
"Euis kabur, Bah!"
"Baruk? Kabur?" cengkat, jung indit teu malire ka Sugema jeung nu sejenna.
"Bah! Uing capek keneh yeuhhh! Ck,"
Sugema nyepengan beuteungna nu ngadadak seueul. Lain lumayan naek turun teh, ti tonggoh ka landeuh, ayeuna kudu ka tonggoh deui. Pohara capena. Bitisna nu geus sagede taleus teh beuki weee...
Deudeuh teuing....
Tepi di tepas, Abah langsung digabrug Ambu bari ceurik.
"Boa diculik, Bah ku urang Korea tea! Susul Bah, teang Euis..." ceuk Ambu bari masih keneh ceurik.
"Mbu, sadar. Ke heula anan, tong waka nuduh nu can kabuktian. Lanceukna aya keneh diimah Ko Ahong."
Segruk Ambu ceurik deui, teu anggeus tepi ka ngingsreuk. Abah rumasa beh manehna kudu ngarti jeung ngaragap hate nu jadi anak.
"Mbu, jigana Euis teh embungeun dijodokeun jeung Bagja. Bolaykeun we atuh, karunya."
"Ari Abah ... Ambu era atuh Bah, ku cep Bagja, ku ceu Popon, komo ku kolotna cep Bagja mah." tembal Ambu.
"Ambu, lain waktuna mikiran nu sejen yeuh. Gema, teangan kadituh. Menta baturan ku barudak santri jig," Abah gugupay ka Sugema nu keur cinukduk di tepas.
"Enya, Bah."
Padahal karek ge manehna diuk ngareureuhkeun maneh sanggeus hanjat ti landeuh.
"Bisa-bisa gempor uing," pokna bari ngurut bitisna.
Tapi teu lila kurunyung Seokjin, kapten Adi jeung Masaki datang bangun nu rarusuh.
"Selamat pagi,"
"Bah, kapten Masaki jeung Seokjin rek nanyakeun Taehyung." ceuk kapten Adi.
"Iya, kami yakin Taehyung pergi menemui Euis. Ini, kami menemukan surat dari Euis."
Song, kapten Masaki ngasongkeun surat. Abah nitenan eusi surat eta. Enyaan, era surat ti Euis. Abah apal tina gutrat tulisan anakna. Teu semet kadinya wungkul, Abah tuluy diuk, ngareureuhkeun ricuhna gorowok hatena nu jadi bapa.
"Eu-euis kunaon, Bah?" Ambu nyampeurkeun salakina bari sorana dareuda.
"Euis kabur jeung Taehyung, mbu."
"K-kumaha? Kabur? Pasti si Korea eta nu geus ngahasut anak urang, Bah. Teangan Bah! Matak wirang ieu mah! Kumaha urang ngajentrekeun ka kulawarga cep Bagja, Bah?" Ambu tetep kukulutus, nyalahkeun lalaki anyar pinanggih eta.
"Bagja deui, Bagja deui! Soal manehna Abah teu paduli, Ambu! Euis nu anak urang teh, Ambu, Euis!"
Jep, jempe ari digebes ku salakina mah.
"Janten kumaha atuh, Bah?" Kapten Adi meupeus kaayaan rohangan eta nu ngadadak simpe.
Abah ngarenghap, bangun nu sarat ku kabingung, kawegah. Kanyaahna kanu jadi anak, Euis, anak awewe hiji-hijina, si bungsu nu dinangna-nengne. Mang hanjakalkeun, naha Euis tepika wawanian nyokot jalan peuntas nu matak jadi wiwirang...
Sedengkeun nu jadi bahan paguneman, geus jauh, tereh tepi ka Babakan mah.
"Is, kamu baik-baik saja kan?" Taehyung neuteup anteub wanoja nu titadi ditungtun ku manehna.
Euis unggeuk. Taehyung ngarasa yen Euis saprak mangkat ti saung jadi teu loba cumarita jiga biasana.
"Is, kita pulang. Kita kembali,"
Reug. Euis ngarandeg, manehna neuteup Taehyung.
"Saya akan memohon pada Abah dan Ambu untuk merestui kita. Saya pikir ini bukan jalan terbaik, mereka akan semakin membenci saya." pokna teh.
Euis ngeluk tungkul, panonna carinakdak.
"Tae...-"
"Iya Is, kita pulang. Saya yakin mereka sedih kamu tinggalkan, pergi seperti ini. Saya akan menunggu kamu, di Batavia."
Taehyung ngayakinkeun, nyepengan ramo Euis, ngahijikeun jeung ramo manehna.
Imut ngagelenyu, nyaluyukeun naon nu dimaksud Taehyung.
"Saranghaeyo, Euis."
Sekali deui Euis imut.
"Saranghaeyo, Taehyung..."
Karek oge maranehna rek balik deui ka jalan nu bieu, ujug-ujug ting torojol jalma-jalma nu make baju sarwa hideung ti tukangeun tatangkalan.
"Aya mangsa euy!"
"Nu geulis bagian dewek!"
Nu lainna nyakakak saleuseurian. Taehyung mindingan Euis ku awakna. Maneha geus taki-taki, bisi eta jalma-jalma teh aya niat teu uni.
"Kang! Jiga nu basa panggih jeung urang tea, basa keur di lebak." harewos lalaki nu diteregos.
Nu bewokan nyipitkeun panonna, nitenan Taehyung.
"Masih hirup ning budak kota teh." pokna bari nulak cangkeng.
Euis ngintip ti tukangeun tonggong Taehyung.
Euleuh...bener we begal Cijulang, si Bewok! Kumaha atuh...
Beungeut Euis dumadak pias, jiga nu ningali jurig. Hate ratug tutunggulan. Boa-boa...
°
"TAEHYUNG!!"
Kuring ngagorowok, kuring ngagupay ka lalaki nu keur ditarik ngajauhan. Taehyung oge sarua ngagorowokkeun ngaran kuring. Satekah polah Taehyung ngalepaskeun tali nu meungkeut lengeunna.
"Euis!"
BUGH!!
"TAEHYUNG!" kuring ngajerit deui sabot ningali Taehyung diteunggeulan, dipepeg, dikoroyok.
Kuring terus ngageroan Taehyung, teu wasa ningali nu jadi bebende dirogahala sarupa kitu.
"Ya Alloh... Taehyung ..."
"Cekelan nu bener! Bawa awewena!" titah si Bewok ka anak buahna.
"Kang! Ari nu lalakina rek dikumahakeun yeuh?"
Dangeuak, Taehyung tanggah, nenjo ka kuring. Kuring gideug bari terus sasambat asmana Pangeran Gusti Alloh nu Maha Kawasa..
Ngadu'a sangkan Taehyung teu dikukumaha.
Kuring ajol-ajolan, hayang leupas tina borogolan anak buah si Bewok, waktu maranehna mawa kuring ka tempat suni.
Ceulekeuteuk nu duaan seuseurian, bari ngiceupan ka kuring.
"Neng, dari pada ka urang kota, bari kafir, mending ka akang..." pokna teh.
Kuring jempe.
"Kabogoh anjeun teh pastina geus tinggal layon." ceuk nu hijina deui.
Kuring mereketkeun lengeun bakat ku napsu, kahayang mah ngadumpel sungut nu duaan eta.
Nu make iket ngadeukeutan, bari lengeunna ngagarayam kana pingping kuring. Sabot kitu...
"Mengke siah!"
Datang si Bewok bari molotot nyampeurkeun.
"Eh, Kang..." lalaki eta kulumas-kulimis, kaperego ku si Bewok.
"Nanaonan silaing? Dimamana ge dunungan heula karak maraneh. Nyaho teu?!"
"Dimana Taehyung?" tanya kuring, ngawani-wani maneh.
Ret si Bewok ngareret ka kuring. Manehna nempokeun lengeunna nu lomokot ku getih.
"T-tae..-" kuring meureumkeun maneh bari nyuuh aneprok.
"Tae ... Tae ..." ceurik kanyenyerian.
"Demi Alloh, kuring teu rido dunya aherat, Bewok! Teu rido!"
Si Bewok seuri bungah, bari nulak cangkeng.
"Anjeun hayang nyaho, jiga kumaha manehna keur ngaleupaskeun nyawa? Nepika hahampuraan, nyaho teu?! Ayeuna mah paeh bener tah budak teh!" si Bewok tuluy susumbar.
"Taehyung..." kuring gigideug.
Teu percaya naon nu diomongkeun ku si Bewok. Moal mungkin.
"Bawa ka padepokan, Cu!" pok si Bewok.
"Dewek rek ka tempat dunungan heula. Indit we tiheula."
"Muhun Kang,"
Kuring jadi leuleus. Teu bisa mikir nanaon deui salian mikiran Taehyung. Naon nu karandapan ku manehna?
°
"Is, Euis... Anaking,"
Sorana dumareuda, kuring ngarasa aya nu ngusapan sirah kuring.
Lalaunan panon kuring beunta. Ret kaditu-kadieu. Tapi eweuh nu dipiharep. Taehyung. Kamana manehna?
"Ambu... Abah... hapunten Euis," sora kuring dumadak asa teu kaluar. Kadengena ngan humandeuar.
"Taehyung dimana?" angger rarasaan teh kuring teu soraan.
"Hampura Ambu... Euis," Ambu ngarangkul kuring, tuluy ceurik babalihan.
"Hampura Abah, teu kaburu nyalametkeun Euis jeung Taehyung."
Kuring ngabigeu. Naon maksud Abah? Taehyung kunaon? Awak kuring rasana ringsek jeung teu bisa hudang-hudang acan.
Astaghfirullah.. Kuring teh kunaon?!
Kuring rut-ret tapi eweuh nu mirosea, eweuh nu merhatikeun.
"Ab-bah..."
"Is! Euis sadar? Alhamdulillah..ya Alloh." gabrug Abah ngagabrug.
Kuring ngahuleng, asa ngimpi tapi nyata naon anu karandapan ku kuring jeung Taehyung. Tapi dimana Taehyung ayeuna? Kuring hayang panggih. Kuring hayang nyaho kumaha kaayaanna. Dumeh ti mangsa dijauhkeun jeung manehna ku si Bewok, kuring teu apal kajadian naon sabenerna.
"T-Tae?" sora kuring semu ngaharewos.
Abah tungkul, tuluy ngusap sirah kuring.
"Sing sabar, Is..."
Sabar? Boa-boa... Kuring curinghak, buru-buru cengkat. Tapi dihulag ku Abah jeung Sugema.
"Sabar Euis, sabar... Ieu di rumah sakit, di Bandung." Sugema nahan tak-tak kuring.
"Taehyung kunaon, kang? Beja ka kuring, kang! Taehyung kunaon?!"
Kuring neuteup seukeut. Sugema unggeuk, apal naon nu rek ditanyakeun ku kuring.
"Kang, ieu lain waktuna heureuy! Dimana Taehyung?!" sora peura kuring meupeuh hate jalma-jalma nu aya dirohangan eta.
Sugema ngareret ka Abah. Keur kitu, datang Seokjin dibaturan Kapten Adi.
Paromanna geus ngagambarkeun naon nu geus kasorang.
"Euis?" Seokjin nyampeurkeun.
Manehna unggeuk bari imut semu bangun nu saredih. Panonna beureum jeung carindul.
"Dimana Tae?"
"Maaf, Tae-"
"Kenapa?"
"Taehyung, dia tewas."
Deg. Deg. Deg.
Biwir kuring ngageter, ngagero jeroning ati, ngajerit maratan langit..
Peurih..
Taehyung tiwas? Teu mungkin. Tae kuring masih hirup! Taehyung moal mungkin tiwas!
Kuring inget jangji duaan, yen bakal indit ke Batavia babarengan sanggeus ngadahup ka Abah jeung Ambu.
"TAEHYUNG!! TAEHYUNG!!"
"Is! Sadar! Istighfar!"
"Kang, tulungan Taehyung. Taehyung pasti masih keneh aya dilebak. Teangan diditu. Taehyung pasti aya dilebak!"
"Euis..demi Alloh, Euis tong kieu. Sing karunya ka Abah, Ambu."
Kuring keukeuh hayang turun ti ranjang. Tapi teu lila kuring gubrag, teu inget di bumi alam...
....
"Deudeuh teuing Euis. Karunya budak teh, gawena ayeuna teh hulang-huleng we." pok Ceu Darmi, indung Mumun.
"Tapi Mumun masih maturan, apan?" Ceu Itoh ngalieuk.
"Heeuh, eta ge mun aya nanaon teh sok bruk-brak, ayeuna mah Euis teh jiga nu gering ingetan." tembak Ceu Darmi.
Perkarana geus tepi ka Pangadilan jeung diurus ku kapten Masaki. Si Bewok jeung anak buahna geus dihukum, dituding jadi penjahat perang dina kasusna teh. Kusabab rek nyingharepan perang, perkarana teu tepika beres roes.
Kiwari, malah kacaritakeun yen sabenerna Taehyung teh teu puguh kumaha laratanana. Disebut geus tiwas, teu kapanggih layonna. Mun masih jumeneng oge, eweuh nu manggihan.
Tinggal Euis, wanoja nu sabab ku cintana ka Taehyung, teu wasa narima kanyataan. Manehna keukeuh pengkuh yen Taehyung masih hirup. Tepi ka akhirna Euis nganggeuskeun duriatna, mungkaskeun kasedihna, nu teu bisa deui panggih jeung buah atina, teu bisa paamprok jeung hawana. Taehyung.
Euis malidkeun maneh ka wahangan Citarum. Ngaharep duriatna, cintana ka saurang Taehyung, nonoman anyar pinanggih, teu luntur, milu kapalidkeun jeung kapeurih, kanyeri, nu maturan Euis di alam kaabadian.
"Saranghaeyo, Taehyung...."
***
Karya ini GRATIS! Tapi kamu boleh kok kasih tip biar kreator hepi 🥰
